hanif Seorang perantau yang ingin sukses dengan belajar SEO

Puisi Bahasa Sunda

puisi bahasa sunda

Contoh Puisi Bahasa Sunda – Puisi adalah sebuah karya sastra tertulis dimana isi dari puisi tersebut ialah sebuah tuangan dari perasaan seorang penyair.

Lalu menggunakan bahasa yang bermakna semantis dan juga mengandung irama, rima, dan ritma dalam rangkaian lirik dan baitnya.

Hanya saja, ada juga yang menyebutkan puisi ialah salah satu karya sastra dimana isi dari puisi tersebut mengandung ungkapan kata-kata.

Serta mempunyai makna kiasan dan penyampaiannya disajikan dengan rima, irama, larik dan bait, dengan gaya bahasa yang diserasikan.

Contoh Puisi Bahasa Sunda

puisi bahasa sunda
pexels.com

Berikut ini merupakan beberapa contoh puisi bahasa Sunda, diantaranya:

Puisi 1

Lembur panineungan

Hujan nu ngarincik mawa lamunan nu lawas katukang
Katembong lebah tanjakan tutuwuhan arajeg mapay ngajajar

Gunung nangtung bangun taya kasuwung
Sawah ngeplak lir ibarat permadani nungampar ngagelar

Breh ka beh kidul.. Walungan matak waas tetempoan
Tangkal kihurip ngereuy mapay dahan muncang sisi gawir

Bray ka blah kulon ngembloh satungtung panenjo kebon
Sabangsaning palawija selang sekar dipelakna

Tanah pasundan tanah kahirupan
Lembur kuring panineungan.

Puisi 2

Angin Priangan

Seungit angin priangan
Ngusapan embun-embunanduh, embun-embunan
Hawar-hawar rerendahan ngahariring
Ayun ambing, ayun ambling

Seungit angin kahyangan
Sumerap na lelmbutanduh, na lembutan
hawar-hawar rerendahan ngahariring
eling-eling, mangka eling

Dengklung dengdek
Dengklung dengdek sisi lamping
Anu dewek, anya anu kuring
Tanah wasiat, tanah duriat
Anu matak tibelat nya rarasaan

Dengklung dengdekdengklung dengdek sisi lamping
Anu dewek, enya anu kuring
Tanah katresna jati sarakan
Anu tetep nyarengan nya lelembutan.

Puisi 3

Indung

Salapan bulan kuring dikandung
Bra ka alam dunya dipapag kadeudeuh
Kanyaah indung ka kuring
Moal kaukur sanajan saluas bumi

Taya pituah anu endah salain ti indung
Taya kadeudeuh iwal kadeudeuh indung
Du’a jeung pangharepanna
Satia maturan renghap nafas kuring

Indung, nu nganter kuring kana kadewasaan
Mapag harepan
Jasa jeung pangorbanan anjeun
Moal bisa diganti ku saeusi dunya
Ridha Allah aya dina ridha anjeun

Puisi 4

Hatur nuhun ema

Ema, gede pisan rasa pikanya’ah nu ema pasihkeun ka abdi..
Teu pernah ema ngarasa cape piken ngabimbing abdi..

Ema sagalana pikeun abdi..
Ema, malaikat nu pernah aya dina hirup abdi..
Ema pasihan abdi cinta anu nyata..

Ema, abdi menta hampura..
Can bisa ngagapai impian jeung harapan pikeun ngabahagiakeun ema

Abdi hoyong ceurik, nangkeup kenceng, di pangkuan ema.
Kadang, abdi osok inget basa keur letik bahela nu calik di pangkuan ema..

Hampura abdi ema..
Nu sering nyien ema ceurik karna tingkah laku abdi..
Mungkin sering oge abdi nye-nyerikeun hate ema..

Hampurakeun abdi pisan ema..
Abdi alim durhaka ka ema..

Ema, izinkeun abdi nyium pean ema..
jeung ngabahagia keun, ngajagaan ema terus salamina.

Memang. nu abdi lakukeun ieu moal pernah bisa..
Bisa ngabales kabeh kasih sayang nu pernah ema pasihan ka abdi..

Nuhun pisan ema, entos ngajaga’an abdi ti leutik nepi ka gede kieu
Nuhun oge tos masihan kasih sayang, nu moal mungkin bisa abdi boga selain ti ema..
Abdi nya’ah pisan ka ema salamina..

Puisi 5

Ngahareupkeun anjeun

Anjeun tos ninggalkeun abdi
Teu terang kunaon masalahna
Teu terang oge, naon ka kurangana

Sareng teu terang naon salah abdi
Anjeun tega ninggalkeun abdi
Di kala abdi ngarasa nyaah pisan ka anjeun

Anjeun teu nyaho..
Kanyaah abdi ka anjeun ngalewihan kanyaah abdi ka diri sorangan
Tapi naha kunaon? Anjeun tega ninggalkeun abdi ?

Cai panon tos teu tiasa dei di bendung
Nyeri, hate abdi di khianatan ku anjeun
Tapi naha kunaon, hate abdi masih tetep ka anjeun.

Puisi 6

Hapunteun abi pikeun rerencangan

Kanggo rerencangan abdi..
Abdi terang abdi lepat ..
Abdi terang abdi sering nyenyeri hate anjeun..
Nanging sanes maksad abdi sepertos kitu..

Cios hapunten bade abdi ucapkeun kanggo anjeun.
Nanging teu aya daya, sadayana eta di benak anjeun.
Abdi henteu hoyong babaturan ieu jadi ancur.
Abdi hoyong urang bisa angger terus sasarengan deui.

Hapunten abdi rencangan, abdi deudeuh ka anjeun.
Abdi teu tiasa naon-naon mun teu aya anjeun.
Abdi henteu tiasa nangtung jagjag mun teu aya anjeun.
Ngan saukur lewat kata-kata ieu anu ngan tiasa abdi cios “hapunten” .

Hampura, mun misalkeun ngan saukur kata-kata “hapunten” anu tiasa abdi ucapkeun.
abdi rela ngorbankeun sagalana pikeun anjen, demi rerencangan abdi anu paling sae.

Puisi 7

Abi sanes rerencangan anu sae

Manawi abdi sanes rerencangan anu bageur jeung sae pisan pikeun anjeun.
Abdi oge manawi sering nyieun anjeun ngarasa sedih,
salila ieu abdi oge seeur nyarios anu nyeyeri anjeun.

Abdi manawi sering teu tiasa ngamahaman pikahayang anjeun.
Abdi ngan saukur jalmi biasa nu loba ka kurangan.
Margi kakurangan eta, abdi sering manjatkeun do’a kanggo anjeun,
nyaeta: “Mugi-mugi gusti nu agung nangtayungan anjeun, nyaeta maraneh rerencangan abdi kabehan”

Rerencangan..
ti diri anjeun abdi manggihan arti babaturan.
Anjeun hadir ngabaturan dinten poe-poe abdi.
Wanci abdi keur ngarasa sedih atawa bungah urang lewatan dinten ieu sasarengan.

Nanging rerencangan urang ieu teras bisa salamina?
Apa bisa urang terus babarengan?
Sasarengan, kenangan sareng anjeun bakal ku abdi simpen di jero hate abdi.
Nanging kiwari abdi jeung anjeun kapisah ku wartos.

Jangji anu kantos urang ucapkeun di mangsa anu kaliwat,
bakal teras kaingetan dina ingetan abdi pikeun sadaya kenangan babarengan urang.
Sabab rerencangan anu sajati nyaeta rencangan anu bisa minjemkeun panangan na kanggo ngabantuan urang.

Cecak rencangan manawi teu salamina.
Tapi kenangan babaturan anu sajati bakal tahan salamina.
Sabab saurang babaturan sanes kalangkang atawa ngan saukur palengkap hungkul hirup urang.
Babaturan nu sae nyaeta jalmi anu tiasa nya’angan dinten-dinten urang.

Puisi 8

Di tungtung halimun

Sésa hujan masih kénéh juuh di sapanjang jalan
Lalaunan geter angin ngadalingdingkeun ruruhit jempling
Beungeut lembur bangun linglung di harudum halimun
Diantara lewang jeung kasimpé nu tigin ngaranggeum waruga

Lalampahan beuki lampar lir maluguran
Sanggeus tuturubun nyorang kakeueung
Geuning anggang kalah manjang taya geusan pangjugjugan
Boa langit rék saendeng-endeng kelirna hideung

Duh, kuring hayang reureuh
Hayang reureuh sakedapan
Bari geugeut nyeuseup mangpirang warna ning kembang.

Puisi 9

Guru, anjeun aya terus di hate abi

Guru..
Anjeun nyaeta pahlawan pikeun abdi..
Anu ngajaran abdi ku pinuh rasa bungah jeung ikhlas..
Pake naon abdi kedah bisa ngabalesna?

Guru..
Anjeun teu pernah cape jeung nyerah pikeun ngabimbing abdi..
Ayena, abdi janji moal pernah nyerah pikeun diajar elmu ku anjeun, sabab abdi hoyong sami sepertos anjeun..

Guru..
Anjeun sapertos pahlawan anu terus nya’angan jalan abdi..
Anjeun ajarkeun abdi sadaya elmu pikeun supaya cita-cita abdi bisa ka capai engkena.

Guru..
Anjeun teu pernah cape anjeun ngajaran urang sadayana..
Pasti bakal abdi inget terus nasehat anjeun..

Guru..
Sanajan urang henteu kapanggih deui..
Nanging anjeun pasti terus aya di hate abdi..

Puisi 10

Pahlawan Indonesia

Suara tembakan henteu anjeun hiraukeun,
pikeun ngabela bangsa indonesian nu bebas tina panjajahan..

Harta sarta nyawa anjeun korbankeun..
Maju terus teu pernah gentar saeutik oge pikeun ngusir maranehna para panjajah..

Mugi-mugi semanget juang anu anjeun wariskeun harita tiasa dirasakeun ayena, pikeun nuntun bangsa indonesia supaya terus maju..
Mugi-mugi oge amal, ibadah, sarta jasa anjeun nyaeta para pahlawan sadayana bisa di tampi ku gusti allah taala..


Demikianlah pembahasan mengenai contoh puisi bahasa Sunda. Semoga bisa bermanfaat bagi kita semua. Sekian sampai jumpa, terimakasih 😃

hanif Seorang perantau yang ingin sukses dengan belajar SEO

Contoh Puisi Pendek

hanif
3 min read

Pengertian Puisi

hanif
4 min read

Puisi Bahasa Bali

hanif
3 min read

Tinggalkan Balasan

Alamat email Anda tidak akan dipublikasikan. Ruas yang wajib ditandai *

Situs ini menggunakan Akismet untuk mengurangi spam. Pelajari bagaimana data komentar Anda diproses.